Wednesday, December 07, 2005

Bulantok

bulantok bulantok
bulan gedé bulan montok
moncorong sagedé batok

bulantok bulantok
aya bulan sagedé batok
bulanting bulanting
aya bulan sagedé piring

*kawih murangkalih

Ayang-ayang Gung

ayang-ayang gung
gung goongna ramé
ménak ki wastanu
nu jadi wadana
naha manéh kitu
tukang olo-olo
loba anu giruk
ruket jeung kompeni
niat jadi pangkat
katon kagoréngan
ngantos kangjeng dalem
lempa lempi lempong
ngadu pipi jeung nu ompong
jalan ka batawi ngemplong

*kawih murangkalih

Dina Jandela

dina jandéla
urang silih gupayan
lemu paneuteup
deudeuh jeung geugeut teup eunteup

taya nu nyora
simpé henteu nyarita
ngukir ciptaan
cinta jeung asih marengan

lir nu keur ngimpi
lir nu keur ngimpi
gambar lamunan
naon geuning nu teu kateupi

lir nu disirep
lir nu disirep
geter katineung reureuh
geuning rep rerep

dina jandéla
urang silih kiceupan
imut kareueut
raga katresnan padeukeut

langit keur lénglang
jauh tina kamelang
urang jadikeun
galeuh pasini lawungkeun

(?)

Tuesday, December 06, 2005

Longkéwang

baheula mun pareng nganjang
suguhna imut nyi lanjang
asih nu nganteur harepan
pasini na kasadrahan (2X)

***
hmmm deudeuh teuing
na peuting héab naraka
aya nyawa nilar raga
bébéné mulang tiheula
bébéné mulang ti heula

hmmm deudeuh teuing
na peuting hujan cimata
aya waruga palastra
jajaka raheut hatena
jajaka raheut hatena

ayeuna mun pareng nganjang
nu tembong ukur kalangkang
méga mendung ngajajantung
lagu liwung na bangbarung (2X)

(?)

Hareupeun Kaca

hareupeun kaca
ngajanteng salila-lila
roman alum gurat duka
atra narémbongan

hareupeun kaca
sagala nu karandapan
lalakon katukang-tukang
nuntut narembongan

***
reueuk rumeuk dina eunteung
semu keueung semu nineung
jiwa awaking nyarita
jiga nu nganaha-naha

duh ieung geuning
jiga nu nganaha-naha

bejakeun deudeuh bejakeun
rumasa geus katalimbeng

(?)

Bulan Langlayang Peuting

bulan téh langlayangan peuting, enung
ditatar dipulut ku tali gaib
entong salempang mun kuring miang ti tatar ti tatar Sunda
dipulut nya balik deui ka dieu
ieuh masing percaya (2X)

bedil geus dipéloran
granat geus disoréndang
ieu kuring arék miang
jeung pasukan siliwangi
ka jogja hijrah taat paréntah (2X)

(?)

Salempay Sutra

salempay sutra
disulam jeung dikarawang
tawis soca ti jungjunan
duh ti jungjunan

salempay sutra
disulam mangrupa kembang
tawis asih ti kakasih
duh ti kakasih

ngaraketkeun hubungan batin duaan
mupus waswas jeung cangcaya
dijuruna disulam ngaran singgetan
ngaran kuring jeung manéhna

salempay sutra
disulam jeung dikarawang
tawis soca ti jungjunan
duh ti jungjunan

hiji tawis soca deuh salempay sutra
jadi jimat pangreugreug ati
disulam karawang deuh salempay sutra
geuning ngidem harepan

salempay sutra
disulam mangrupa kembang
tawis asih ti kakasih
duh ti kakasih

(?)

Hariring nu Kungsi Nyanding

purnama nu kungsi leungit
ayeuna nganjang ka buruan deui
anu kungsi kapiati
kiwari urang ditepangkeun deui

hariring nu kungsi nyanding
ayeuna datang ngahaleuang deui
hayu pataréma tineung
cacapkeun meungpeung aya kasempetan

ayeuna mangsa nu éndah
hayu urang suka bungah
caang bulan opat welas
narawangan ati bangblas

(?)

Udan Mas Udan Iris

ku lucu malati
nu aya di taman-taman sari
ku lucu malati
nu aya di taman-taman sari

hiur seungit nu manis
nu geulis putri mantili
hiur seungit nu manis
nu geulis putri mantili

ku hégar érmawar
nu aya di taman-taman sekar
ku hégar érmawar
nu aya di taman-taman sekar

sedeng mangkak bareukah
anu manis reujeung dahlia
sedeng mangkak bareukah
anu manis reujeung dahlia

***
duh Gusti nu maha agung
nu luhung tur welas asih geuning
miwah kawenanganana
(*) ku pangasihna dampal Gusti, dampal Gusti

mugi kersa nangtayungan
gandrung mikawelas nu prihatin

***
balimbing wadahna piring
amis lamun digulaan
dikeureut ku peso gedé
hanjakal campur paria
hesé dipilihanana
di daharna matak lanjung
lanjung rasana éta

***
teu beunang di supa dulang
teu beunang di bébénjokeun
teu beunang di bébénjokeun

ti soréang ka garonggang
mésér bénsin di kaléngan
mésér bénsin di kaléngan, geuning

sanaos arang patepang
batin tetep sasarengan
batin tetep sasarengan

sanaos teu dikangkalung
supados ngagantél baé
sanaos arang patepung
supados cumantél baé

teu beunang dirangkong kolong
teu beunang dipikahayang
teu beunang dipikahayang

daun nona daun puring
daun reundeu kararasna
daun reundeu kararasna, geuning

boa-boa abdi geuring
lamun kieu salawasna
lamun kieu salawasna

daun waru geuning, daun geudang geuning
daun cabé beunang moé

unggal minggu abdi téang
unggal poé ogé hadé

(?)

Wilujeng Enjing Tepang Deui

disimbutan ku halimun
diaping ku indung peuting
lalaunan ngalayangna
sukma ninggalkeun jasmani
aduh sukma ninggalkeun jasmani

ngalayang ka awang-awang
rék nepangan ka nu tebih
nepungan ka urang gunung
malati di pinggir pasir

kakara pisan ligarna
kapendakna tacan lami
katuruban dangdaunan
kaheumpikan naga sari

kembang diburu dirungrum
sawengi henteu kapanggih
patapan henteu kalanglang
raraosan mah sawarsih
hmmm aduh raraosan mah sawarsih

hawar-hawar sora hayam
ciri parantos janari
nu nyumput téh humarurung

teungteuingeun milik diri
harianeun teuing kadar
misahkeun anu keur asih
kembang nganggo dihalangan
ditundung ku indung peuting

gunung geus aya di pungkur
indit haté mah murilit
duh indit haté mah murilit

miang gé da sumoréang
parang tritis ka piati
aduh enok pileuleuyan
wengi énjing tepang deui
hmm aduh wengi énjing tepang deui

(mang koko)

Salam Manis

ieu salam manis ... manis
salam kuring
nya ieu pisan
nu salawasna nyanding
nyaring ... na hariring

ieu salam manis ... manis
salam kuring
nya ieu pisan
nu salilana nganteng
anteng ... kapitineung

datangkeun
kuring deukeutkeun
deukeutkeun
kuring raketkeun
duh ... Dunungan

datangkeun
kuring deukeutkeun
deukeutkeun
kuring raketkeun

(mang koko)

Sariak Layung

sariak layung di gunung
iber pasini patepung lawung
tetep jauh ngawangwang nu dipigandrung
ih ngawangwang nu dipigandrung, aduh

haréndong meuhpeuy harideung
jalan satapak rarambu leuweung
kumalangkang ronghéap nu kapitineung
eh ronghéap nu kapitineung, duh

soréa surup layung hibar
ka tanjakan sawangan diumbar
geus ngolebat ieuh samar-samar
hariring asihna kapireung ngalalar

angin tiis ti mumunggang
katitipan harewos kamelang
tawis deudeuh ieuh nu maranti
sungkeman kahéman saranggeuy malati

(mang koko)

Angin Priangan

seungit angin priangan
ngusapan embun-embuna duh embun embunan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
ayun ambing ... ayun ambing

seungit angin kayangan
sumerep na lelembutan duh na lelembutan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
éling-éling mangka éling

dengkleung déngdék dengkleung déngdék
sisi lamping
anu déwék enya anu kuring
tanah wasiat tanah duriat
anu matak tibelat nya rarasaan

dengkleung déngdék dengkleung déngdék
sisi lamping
anu déwék enya anu kuring
tanah katresnan jati sarakan
anu tetep marengan nya lelembutan

(mang koko)

Imut Malati

imut malati
wengi tadi, geuningan patepang deui
nu kapiati
ti kapungkur jungjunan dianti-anti

ti gunung putri
sareng saha salira lungsur ka landeuh
lagu kamari
ngagalindeung lalakon gending kadeudeuh

najan sakedap
jorélat tunjung balébat
éstu mo hilap
karaos matak tibelat
ku henteu terang mulihna
ku henteu terang mulihna éh naha iraha

najan mung imut sauleus sakilat ilang
tansah kairut hanjakal teu sering tepang
ku henteu terang léosna
ku henteu terang léosna éh geuning kamana

(mang koko)

Sagagang Kembang Ros

sagagang kembang ros
tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan
iyeung asih nu wening

runtuyan haréwos
janji pasini katampi
moal weléh mikahéman
iyeung asih nu wening

sarining kembang ros
jatining asih
jadi angkeuhan
duh urang duaan

ngaca pangharepan
panteng kayakinan
na dasaring ati
urang duaan

(mang koko)

Malati di Gunung Guntur

malati di gunung guntur
seungitna sungkeman ati
bodas sésa para wirasa
jadina dina mumunggang
leuweung larangan

lalaki di gunung guntur
hanjakal henteu dipetik
béja geus aya nu boga
ngahaja melak di dinya
para guriang

ayeuna kuring geus jauh
malati sosoca gunung
boa geus aya nu metik
duka ku sahaha

kamari jol aya béja
malati ratna mumunggang
majar can aya nu metik
duka ku naon

malati di gunung guntur
ligar dina panineungan
na panineungan

na saha nu baris meutik
kuring mah da puguh jauh
biheung kadongkang

(mang koko)

Kembang Tanjung

anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung, rebun-rebun
di pakarangan
nu reumis kénéh
harita keur kakandungan ... ku hidep

geus opat taun ka tukang
ema nyipta mulung béntang
nu marurag peuting tadi
béntang seungit ditiiran
pangeburan

anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung, rebun-rebun
bet henteu sangka ... aya nu datang
ti gunung rek ngabéjakeun ... bapa hidep
nu opat poé teu mulang
ngepung gunung pager bitis
ceunah tiwas peuting tadi
layonna keur ka dieukeun ... dipulangkeun

harita waktu layonna geus datang
ema ceurik ieuh ... balilihan
ras ka hidep ieuh ... na kandungan
utun inji budak yatim
deudeuh teuing

harita waktu layon geus digotong
ema inget ieuh ... kana tanjung
dikalungkeun ... na pasaran
kembang asih panganggeusan ieuh ... ti duaan

anaking jimat awaking
lamun ema mulung tanjung reujeung hidep
kasuat-suat nya pipikiran
tapina kedalna téh ku hariring

hariring éling ku éling
kana tanjung nu dipulung ih
kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan
nu nyeungitan haté urang
panineungan

(mang koko)